Jumat, 19 Oktober 2012

KLOTER 38 

PENERUS GURU AGUNG PANGERSA ABAH ANOM QS.
HADROTUS SYAIKH MUHAMMAD ABDUL GAOS SAEFULLOH MASLUL RA




15 komentar:

  1. Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuhu,kami jamaah TQN SURYALAYA,sudah berjalan melaksanakan amalan dari PANGERSA ABAH.Semakin bertambah jamaah baru.Kesulitannya ketika ada yang mau di TALQIN.Bisakah TALQIN JARAK JAUH MELALUI HP?trmksh

    BalasHapus
    Balasan
    1. Aduh istighfar haji!aya2 wae piraku talkin kudu pake hp lieur ari nt?nu bnr atuh mun rekdi ajar tqn mah,

      Hapus
  2. Saya merasa dosa ketika ada orang yang mau di TALQIN,lalu tidak bisa membantu dengan segera.Karena harus mengunjungi tempat yang ada wakil TALQINNYA,sementara kondisi orang tersebut hanya memeliki keinginan di TALQIN saja,Sedangkan saya hanya bisa membantu melalui HP saja.Bagaimana PANGERSA bisakah TALQIN melalui HP? trmksh

    BalasHapus
    Balasan
    1. Tong
      heula nanya kanu pinter,ges ka urg heula anu bodo,aya2 wae ari nt

      Hapus
  3. Assalamualaikum...,Kami sangat bahagia sekali apabila PANGERSA bisa dengan mudah hadir dihadapan kami,ketika diadakan acara MANAQIBAN.Dan apa persyaratan yang harus kami penuhi?trmksh

    BalasHapus
  4. ASSALAMUALAIKUM PANGERSA WIDI PAMI SARSILAH SALIRA DITAYANGKEUN DI INTERNET,asep.batujajar@gmail.com

    BalasHapus
  5. bu abdi ikhwan ti cijerah,kaleresan abdi caket sareng pa asep balai diklat depag profinsi,insaalloh naon kaperyogian ibu ka paasep perkawis unipersitas terbuka abdi di bandung tiasa ngiring memfasilitasi. rudhiansyah.sutisna@gmail.com

    BalasHapus
  6. assalamualaikum w.r w.b
    pangersa unjuk tumaros upami kapungkur Pangersa Guru Agung Syeikh tolhah tolabuddin Q.s,hirqah lungsur ka Pangersa Guru Agung Syeikh abdullah mubaraq Q.s,hirqah lungsur ka
    Pangersa Guru Agung Syeikh Ahmad Sohibul Wafa Tajul Arifin Q.s,hirqah lungsur kasaha?margi teu sakedik ikhwan abdi nu tumaros,nyondong khabar ti salahsawios guru sepuh,saksi nu uninga perkawis hirqah eta dilungsurkeun ka salah sawios murid kakasihna,mung ditolak teu diangkeun ku pihak keluarga,naha eta teh leres,margi sauninga pribados perkawis hirqahmah sanes milik keluarga,atanapi pengurus yayasan"MUTLAK HAQ ALLOH SARENG GURU MURSYID (Pangersa Guru Agung Syeikh Ahmad Sohibul Wafa Tajul Arifin Q.s)KASAHA ETA DILUNGSURKEUNANA !!! asep.batujajar@gmail.com > Jl. Ds. Tanjungkerta,
    Kec. Pagerageung – Kabupaten Tasikmalaya
    Jawa Barat 46158

    Telepon : 0265 – 455828, 455801
    madrasah@suryalaya.orgmadrasah@suryalaya.org

    BalasHapus
  7. DAWUHAN PANGERSA ABAH ANOM RA,Sya'ban 1393 H.

    Ulah Ngahina, Nyawad Atawa Nyela
    Allah SWT ngadawuh:
    "yà ayyuhhal ladzìna àmanù là yaskhor qoumum ming qoumin 'asà ay yakùnù khoirom minhhum wa là nisàum min nisà-in 'asà ay yakunna khoirom minhhunna wa là talmizù angfusakum wa là
    tanà bazù bil alqòbi bi-sal ìsmul fusùqu ba'dal ìmàni wa mal lam yatub fa-ùla-ika hhumuzhòlimùn".

    "Heh jalma-jalma nu ariman, ulah arek ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu dihina teh leuwih alus ti maneh (boh awewe atawa lalaki). Ulah arek silih carekan jeung sasama, ulah ngagentraan ku sebutan anu goreng. Ngaran nu panggoreng-gorengna nyaeta pasek saba'da iman. Sing saha anu embung tobat, eta teh jalma aniaya".
    (Al-Hujarat 11).
    -Ulah arek ngahina jeung nyaci, sabab boa teuing alus nu dipikangewa tinimbang nu mikangewa. Boa alus nu dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu dihina batan nu ngahina. Pikeun ngabendung eta, piceun rasa: alus urang batur goreng, rasa cukup tukang ibadah, nyangka salah bae ka batur, jeung sok agul. Pikeun nga-erem-na nyaeta bersih ati ikhlas rasa.

    Poma ulah ngalakukeun ibadah dibarengan ku takabur, ria, ujub jeung puyak-poyok, alatan ibadahna bisa teu jadi.

    Mun mah dihina, wayahna kudu sabar. Kusababiyahna sabarna eta, sugan we nu ngahina bisa eling deui. Mun mah kakara dipoyok geus ambek, mangka moal aya eureuna.

    Mun dihina, pek geura urang teh cicing. Mun dipoyok, pek geura urang teh repeh, tangtu geura aya Perbaikan. Rek kusaha deui atuh dirasakeunana sabar jeung tawekal teh lamun lain ku diri urang sorangan mah.

    Tembongkeun sabar jeung antep kana panghina jeung pamoyok batur.

    Hasilna tina sabar, nyaeta repeh-rapih mashlahat lahir batin.

    Thorekat ieu ulah dipake galideur deui sabab ngarupakeun tugas ti Allah parentah ti Nabi. Mun dipake galideur, tangtu moal aya hasilna.

    Nabi SAW ngadawuh:
    "allòhhu robbuna wa robbukum lanà amalunà wa lakum amalukum là hujjata bainanà wa bainakum".

    "Allah Pangeran urang sarerea. Amal urang keur urang, amal batur keur batur. Ulah jadi papaseaan di antara urang sarerea".

    Omat ulah pacekcokan, eta teh cacad tina amal, matak rungkad amal.

    Geura urang nyonto ka Nabi, nalika tabligh di To'if, anjeuna ditalenggoran dugi kabaloboran getih, teras ditawisan ku malaikat supados eta jalma anu nalenggoran teh diancurkeun, ari walerna: "Heh malaikat, lamun eta jalma diancurkeun, kumaha teuing

    BalasHapus
  8. engke anakna? Upama bapana ayeuna embungeun, susuganan atuh incuna daekeun". Tah kitu tabahna Rosululloh SAW.

    Jalankeun syareat, thorekat, hakekat jeung ma'rifat, ngarah ngeusi badana, ngeusi nyawana, ngeusi rasanana, jeung ngeusi rasaning rasana. Alat keur ngeusikeunana nyaeta Inget Ka Allah Dzikir Ka Pangeran.

    Eusikeun eta dzikir kana tiap-tiap lathifah, tina qolbi, ruhi, sirri, khofi, akhfa, nafsi dugi ka qolab, bulu, kulit, daging, tulang, sumsum, urat jeung getih pinuh ku rasa dzikir.

    Eta dzikir moal ngeusi mun tetep balangah.

    Ibadahkeun badan kucara ngalaksanakeun fiqih.

    Ibadahkeun nyawa kucara ngalaksanakeun tasawuf.

    Ibadahkeun rasa kucara ngalaksanakeun tauhid.

    Ibadahkeun rasaning rasa kucaraning yaqin sayaqin yaqina.

    Teu kasebut yaqin upama can bener-bener percayana, sakapeung percaya, sakapeung cangcaya. Eta teh hartina kosong. Mun keur loba duit percaya sagala meunang Allah, tapi mun keur teu boga duit cangcaya ka Pangeran.

    Keur ningkatkeun yaqin, mangka dzikirna kudu sumarambah kana tiap-tiap lathifah ngarah ningkat kana muroqobah.

    Isro Mi'roj teh ngandung harti:
    Isro:
    Lumampah Terus Pantang Mundur.
    Mi'roj: Naek-naek terus naek.
    Hartina Isro Mi'roj teh nyaeta ngalampahkeun ibadah nu teu aya eureuna.

    Rek kumaha lumampah dina ibadah anu teu eureun-eureun mun dina dzikir ge sok dipake ngalamun, kulantaran kitu kudu:

    "ud khulù fìs silmi kàffah".

    "Asup kana islam sagemblengna".
    (Al-Baqoroh 208).

    ....nyaeta rasa sumerah ka Pangeran, nyanggakeun ka
    Pangeran, nyerahkeun ka Pangeran.

    Amal urang gumantung kana penyerahanana:

    "inna sholàti wa nusukì wa mahyàya wa mamàti lillàhi robbil 'àlamìn".

    "Saestuna sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi, maot abdi masrahkeun ka Gusti Pangeran sakabeh alam".
    (Du'a Iftitah).

    Pentingna dzikir sing dugi ka aya sorana, ngarah timbul resep. Geuning dawuhan Nabi SAW:

    BalasHapus
  9. "Alàmatu hubbillàhhi hubbu dzikrillahh".

    "Cirina resep ka Allah teh nyeta resep dzikir ka Allah".

    Naha nu sok dzikir tos timbul resepna? Mun mah samenit resep sajam teu resep mah can kasebut resep. Kakara ge narik dzikir 3 ka 4-na tos Sayyiduna mah can kaasup resep, lain tara dzikir tapi can resep kana dzikir.

    Rasa resep bisa timbul alatan ditumanan. Ari tos resep mah sok ngancik ma'rifat, nyaeta nyerah kabeh ka Pangeran, boh dina keur ibadah, cacak-cacak dina keur dahar-nginum ge atawa keur naon bae teu weleh raga katut nyawa dipasrahkeun ka Pangeran.

    Nu ngarana pasrah teh lain badan mendekong hate nukang.
    Prak pigawe Thorekat Qodiriyah Naqsyabandiyah
    ieu teh kalawan enya-enya sanajan ngan kakara rubuh-rubuh gedang ge syareat mah urang pake, sanajan ngan ukur maca-maca bae mah thorekat dijalankeun, sangkan eta syareat jeung thorekatna, badan jeung hatena ngocor kana Lillàhi Ta'àla.

    Jalma anu Lillàhi ta'ala teh nyaeta jalma anu salawasna hatena eling dzikir ka Gusti Alah, sakumaha dawuhan Nabi SAW:
    "dzikrul khofi afdholu ming dzikril jahri sabi'ina du'fan".

    "Dzikir khofi leuwih utama tibatan dzikir jahar, 70 tikeleun alusna".
    (HR.Baihaqi).

    Dawuhanana deui:
    "là tasma'ul hafadho".

    "Teu kadangueun ku Malaikat Hafadho".

    Teu kadangu, teu katulis jeung teu kacatet, anging Allah anu ngadangu, anu nulis jeung anu nyatet.

    Amal anu lali tina
    dzikir khofi, mangka Allah ngadawuh:
    "Euweuh gening lillahi-na teh? Euweuh gening ka Aing mah?".

    Kapan upama kitu teh dibalikeun deui amal urang teh, malah ditenggorkeun kana beungeutna nu boga amal, sabab pinuh ku ria, ujub jeung takabur.

    Pikeun jalma nu geus diasupan dzikir khofi kudu "idzabtuliya shobaro wa idza u'thiya syakaro".

    "Di mana datang musibah kudu sabar, di mana datang bungah kudu syukuran".

    Mun datang musibah, harita keneh kudu karasa yen musibah teh ti Allah, teu kudu ditalengteng deui. Kadongdora atuh mun kapanggihna geus 8 poe atawa saba'dana nyiksa anak jeung pamajikan, bari teu pira musibahna, pedah pare ku beurit.

    Mun datang bungah, harita keneh syukuran ka Allah.

    Mun geus ajeg dzikir khofina mah, datang musibah sabar, datang bungah syukur, sabab geus ngarasa yen awak sorangan ge loba salahna.

    BalasHapus
  10. Nuhun pisan kang,,,

    BalasHapus
  11. Sambutan Abah Aos ,Kunjungan Wakil Presiden Indonesia, Hattarajasa Ke Ponpes Sir Narasa 2014 new ,kang dadang anu ku pribados dipihurmat,sedih anu teu aya papadana nalika mertua salira pangersa syaik abdul ghaos saefulloh maslul al qodiri wa naqsabandi al kamil.anu ku abdi sakulawargi di pitumut,(ngaletak ciduh nyalira) ngawajibkeun milih jalmi biasa prabowo hatta,demi ambisi terakhir ngabuktoskeun ka pp suryalaya sareng ka jalmi jalmi nu kaluar tina tambih.yen mertua salira teh leres leres mursyidna.salah sawiosna tos tiasa ngangkat wakil talkin nu langkung ti wakil talkin suryalaya.sagijlek deui abah janteun guru mursid presiden sareng wakil presiden(prabowo hatta)abah langkung seneng cacaketan sareng jalmi kaya anti tesis abah anom sareng rosulalloh

    BalasHapus
    Balasan
    1. Mantap htur nhn pangersa,abd janten isin,sareng kaduhung sagede gunung tos pindah baiat k mursyid anyar tea,duhgusti hapinyen abd

      Hapus